Bubuk Ranginang

Share posting

Carpon Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.

blog.cakap.com

Katurug katutu ari geus sial, atawa manggih kapeurih teh. Paruk sareng paripaos dina bahasa malayu ”sudah jatuh tertimpa tangga”. Sue jeung  sue, sagala nu di pilampah salah jeung salah.

Rumahuh Mang Darman bari leumpang nuturkeun indung suku, sakaparan-paran  taya anu di tuju. Duka kamana, nu penting indit ti imah, ngajauhan kasusah jeung kapeurih hirup anu dirandapan, pikirna bari ngalamun.

“Gusti kedah kumaha abdi?”, noroweco dina jero hatena. Gebeg manehna ngagebeg, saking jerona ngalamun kakara nyadar, singhoreng leumpangna geus jauh ti lemburna. Sajongjongan manehna mikir, tumanya dina hatena. “Geus nepi kamana ieu?”.

Rut ret ka kenca jeung katuhu. “Ya Allah gening tos dugi ka alun-alun Cibatu”. Ngagereneng bari ngaheruk, ngusap raray bari istigfar, laju ngareureuhkeun kacape, nyarande dina tangkal angsana .

“Hampura apa anaking!”, ngagerentes na jero hate, bari nyerangkeun anu ngalangkung, lalaki tengah tuwu anu nungtun budak bari nengteng balon gas.

Cai soca Mang Darman merebey  ngalembereh meulah pipi, bari ngalimba pikirna rumasa can bisa nyugemakeun nu jadi anak. Hatena karasa peurih, asa di gerihan ku hinis.

Hiliwir angin leutik, nebak dangdaunan anu aya di sagedengeunana. Asa dihihidan asa diusapan, karasa asa aya anu mepende, leyep Mang Darman ngaleyep pules sapada harita. Poho kana bangbaluh hate anu keur di lakonan.

Kira-kira saparapat jam, manehna ngulisik asa aya anu ngagareuwahkeun ku anu eak-eakan seuseurian, bari aya anu kukulutus dina basa malayu logat sunda. ” Apa atuh aku mah, hanya bubuk ranginang, yang di perlukan dan di korehan, ketika kueh dan makanan sudah pada habis”.

Geeerrr…. nu sejena seuseurian, bari manggut ka Mang Darman. Rumasa ngagareuwahkeun nu nuju pules istirahat. Bari pok, “Hapunten Pak, parantos ngabaribinan!”.  “Teu sawios Den!”, walon Mang Darman bari amitan ka barudak nu mareujeuhna belekesenteng buta tulang buta daging.

Dilenyepan di pikiran, naon obrolan jeung cacariosan barudak ngora tadi… Gening asa di tujukeun ka manehna. Gelenyu seuri koneng, buluham belehem sorangan siga embe eleh tanding,  mang Darman keom bari kukulutus,  nurutan barudak ngora anu tadi.

” Apa atuh aku mah, hanya bubuk ranginang, yang di perlukan dan di korehan, ketika kueh dan makanan sudah pada habis”, pokna bari ngaleos, ngagedig nuluykeun leumpang muru balik ka imahna. Pikirna rek ngorehan bubuk ranginang kameumeut manehna, bisi kaburu dibikeun ka hayam dihijikeun jeung huut ku Bi Edoh nu janten garwana.


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *