Ceu Edoh VS Ceu Iroh

Share posting

Bagean ka-2 (tamat)

Carbung :  LilisYuliati, S. Pd., M. Pd.

Ilustrasi – Google Search

“Wios di seepkeun Neng?”, tanya Ceu Iroh bari nyicikeun angeun lompong tina rantang, Neng Lina manggut bari imut. “Keuheul kanu jadi salaki teh Neng, teu mulang tos 2 poe!”, Ceu Iroh muka carita. “Naha kamana kitu Ceu? eta panginten di galakan ku Euceu!”, Neng Lina, tumaros ka Ceu Iroh.

Rada mureleng Ceu Iroh ka Neng Lina, “Neng…  pami teu di bantuan ku Euceu, naon atuh kaboga manehna, teu gaduh nanaon Kang Darma mah, sagalage nu Euceu, bati  Euceu kukuli buburuh nyeuseuh ka tatangga!”, pok na deui bari ngusap pipi ku panangan palih kiwa. “Naon anu tiasa di andelkeun, tisalaki anu ngan saukur buburuh ngabedug !”, Ceu Iroh noroweco, mudalkeun kakeuheulna.

“Astgfirullah… teu kenging kitu Ceu, awon! “Sae awon caroge Eceu, pangeran lahir anu kedah di dama-dama ku Euceu!”, Neng Lina rada ngagebis ka Ceu Iroh, bari neuteup henteu ngiceup, merhatoskeun  Ceu Iroh, anu nuju anteng ngumbah panangan sabada tuang.

Teu kireum-kireum, Ceu Iroh ngan saukur ngabelengeh sueri leutik bari mereskeun boboko anu tos beresih taya eusina. “Haturnuhun Neng, Euceu parantos ngiring neda, bari taya gawena”, Ceu Iroh nyodorkeun boboko ka Neng Lina, anu amit seja mulang. Di waler ku imut anu nyari, Neng Lina pamit ka Ceu Iroh katut ka pakacarna.  Pikirna taya hartosna ngagibah, nyarioskeun kang Darma caroge Ceu Iroh .

“Jang Usin, leres teu mendakan Kang Darma?”, Ceu Iroh naros ka Jang Usin anu nuju mopok galeng. “Henteu Ceu, waler jang Usin pondok, bari  tonggoy kana pagawean. Teu malire Ceu Iroh anu terus noroweco. Pangrasa masih keuheul medenghel kanu janten caroge. Pikirna naon atuh maksudna indit mamawa kareta mesin banda hiji-hijina boga manehna, mana can lunas meunang ngiridit ti Ko Liang.

“Jang Usin tah ieu liang belut teh, rada  badag ieu mah!”, Mang Eden nyelengkeung ti beh kulon. “Siap mang, urang tegerkeun di palih dinya”, walon jang Usin, bari neuteup mang Eden, laju lumpat ngudag liang belut di arah kulon. Beres negerkeun  urek, jang Usin neraskeun deui lalampahanna mopok galeng bari teu malire Ceu Iroh, anu masih kutuk geneng ka Kang Darma.

“Kamari mah Ceu Edoh, abdi tepang sareng mitoha di warung, rada lawas tara nganjang, atuh da usum werit kieu usum panyakit virus anu pikasieuneun korongna cenah!”, Ceu Iroh ngajak ngawangkong ka Ceu Edoh. “sanes korongna Ceu, corona panginten covid-19”, Ceu Edoh ngajelaskeun. “Heuheuy deuh sugan teh korongna, korong Euceu sugan mah nya?”, tembalna deui bari ngaragap pangambungna  bilih  aya korong nolol tina pangambung anu ngintip, saatosna neda sareng sambel anu ladana kacida.

Bari nyenghel seuri leutuk, pok Ceu Edoh naros,“Sumuhun kumaha damang mertua teh Ceu?”. “Alhamdulillah sehat Ceu, ngan nuju keuheul ka salaki, edas Euceu kalepasan ka mitoha nyarios henteu di dinding kelir teu disaring asal pok wae,  “naon atuh kabogana kang Darma, ngan saukur gerengseng jeung panci butut!”, rada ngeluk Ceu Iroh nyangem nateh, semu nu kaduhung kalepasan kanu janten mitoha, tos ngedalkeun babasaan sapertos kitu.

“Gusti… Astagfirullah… Eceu… naha meni wantunan!”, “teu kengin kitu awon ka mertua!”, kumaha pami raheut manahna?”, Ceu Edoh neuteup Ceu Iroh anu rada malaweung, tebih panineungan. “Puguh Eceu ngarasa dosa, ayeuna mitoha Eceu teu damang, meureun gara-gara cariosan Eceu”, Ceu Iroh ngalimba, bari neuteup Ceu Edoh anu tonggoy ngarambet meresihan jukut di sawah.

Teu karaos wanci tangange geus anjog, sarangenge pas aya dina tangtungan luhur mastaka, layap-layap kadangu adzan lohor ti  masigit sisi lembur, kahiliwirkeun ku angin leutik anu nebak daun pare nu keur meujeuhna lumeunca, oyag-oyagan pating kulisik.

Ngulisik Ceu Iroh, cengkat bari curinghak, luha-loho neang sowara anu gogorowokan.”Ma…Ema…,Ema dimana?, itu bapak uih ma!”, saur jang Dusep putra Ceu Iroh anu bungsu, neangkeun nu janten ibuna. “Kumaha Jang, bapak uih?”, Ceu Iroh kaget, balik naros ka  putrana. “Sumuhun ma, uih nyandak kasur busa kahoyong ema!”, waler Jang Dusep, neuteup nu janten ibu.

Gebeg… Ceu Iroh ngagebeg, olohok mata simeuteun, neuteup putrana anu haroshos bari renghap ranjug. Ret ka Ceu Edoh bari kulumas kelemes  siga domba eleh, kakara nyadar kana ucapanana. “Akang montong mulang ka imah, lamun akang teu nyandak kasur busa!”. Katingali pameunteuna asak, nyeak beureum ngaraos wirang, ngadangu cariosan putrana kitu. Era ku polah sorangan, Ceu Iroh gura-giru pamit ka  Ceu Edoh, ngaleos teu ngantos waleran Ceu Edoh, anu ngabelehem seuri koneng, surti kana rasa wirang Ceu Iroh, anu ngagedig muru mulang ka imah.

Gogodeg ceu Edoh, ningali laku lampah sobatna anu model kitu, taya pisan ajena ka nu janten caroge sareng ka mitoha. Ceu Edoh neuteup Ceu Iroh, bare ngagereentes na manahna ngado’akeun nu jadi sobatna, “Mugia enggal babalik pikir, ajrih ka caroge pangeran lahir anu kedah di dama-dama, gede leutik pangarah salaki kudu di tarimakeun kalayan rasa syukur ka Gusti Numaha Suci, katut kedah hormat ka mitoha, nu tos janten sepuhna salami di pihukum ku kang Darma, Aamiin Ya Robbal Alamiin” pungkasna bari hanjat, siap-siap mulang seja beberesih ka cai muru ngalaksankeun sholat dzuhur bajamaah.

Banyuresmi, 04 April 2020

 


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *