Bulan Ngambang Di Sumedang

Share posting

Carpon Ku : Perempuan Pemetik Rindu

ilustrasi google- fimela.com

Dua jam diuk dina beus lain waktu sakeudeung, lumayan mantak kesel jeung pegel, komo awak keur teu sehat katambah panumpang paselek jejel

Langit angkeub hawa ngelekeb, geus tilu poe siga nu rek sabregbregeun hujan, tapi duka di mana hujan turunna, da di Sumedang mah geuning sarua jeung di Subang hujan teh can aya wae. Beja ti teh Ina di Bandung mah cenah hujan meh unggal poe bari dibarung gelap dor dar sagala rupa.

Rumpa rampa kana kantong, neangan kipas pamere ceu Yati, lebeng. Kop kana koran urut bungkus kulub suuk, ditilep jadi opat rangkep, lumayan dipake ngiplikan awak nu bayeungyang, alhamdulillah teu pati hareudang.

Lebah Nalegong beus eureun, jrut lalaki nu sabangku jeung kuring turun. Teuing ku tungi eta jelema, ti barang naek di Jalan Cagak teu lemek teu nyarek, estu balem teu sakemek-kemek acan. Tapi salah kuring ketang bet saruana teu daek nanya tiheula. Padahal mun dilenyepan, galehgeh nanya tiheula teh bisa dijadikeun cukang pikeun mupuk silsturahmi ngarah hirup loba baraya.

Teu karasa beus geus nepi ka terminal

Ciakar, panumpang paboro-boro turun bangun nu teu betah lila-lila cicing di jero beus.

Pantes kitu tea mah, da di jero beus teh teu beda ti di jero open nu keur dipake meuleum hui Cilembu, panas nyongkab.

Luak lieuk di jero beus kari kuring jeung awewe tengah tuwuh nu diuk sabangku jeung budak awewe. Di jok tukang weh lalaki bayuhyuh keur jongjon nundutan. Supir turun duka teuing rek ka mana. Kondektur weh sibuk neangan panumpang nu rek ka Wadokeun, da di Ciakar mah ngan eureun sakeudeung ukur nurunkeun panumpang hungkul.

Teu nungguan panumpang pinuh, sanggeus supir asup, beus nyemprung deui.

Lebah Alam Sari sontak beuheung ngalieuk ka beulah kidul, breh aya wangunan semi permanen gigireun warung sangu, baheula mah eta wangunan teh dipake sekretariat PWI.

Sereset aya nu nyeuit nurih ati…peurih !

Di jero wangunan eta lima taun katukang ranggeuyan kanyaah kungsi mapaes rasa na macapat cinta. Di wangunan eta lima taun ka tukang hariring asih kungsi ngancik na jatining ati. Di wangunan eta lima taun ka tukang kuring jeung manehna kokojayan na sagara bagja bari silih simbeuh ku kadeudeuh.

” Kang Har…teu karasa biwir engab nyebut ngaran manehna”. Hiji ngaran anu ti bihari nepi ka kiwari tetep ngancik na sanubari. Hiji ngaran  nu mindeng ngamalirkeun cimata marengan ketegna rasa nu ngawates antara sono jeung peurih.

Dada sesek tikoro nyelek…clak clak cimata ragrag maseuhan lahunan.

Leng pikiran ngimpleng, nganjang ka mangsa opat taun ka tukang.

Harita teh teu pupuguh, teu hujan teu angin Kang Hari ngampleng teu mulang- mulang. Dua bulan teu beja teu carita. Kungsi eta oge dipaluruh ka Sumedang, lebeng taya laratan.

Ceuk Kang Budi babaturanana papada wartawan sarua cenah teu aya kabar, ka kantor sekertariat oge teu aya longok embol.

Hate marudah, rupa-rupa sangkaan kebek ngarobeda rasa. Hantem  nalungtik pikir  ngorobet hate maluruh kalbu bilih bisi aya sikep jeung ucap nu mantak ngajaheutan hatena… tapi da asa teu aya masalah. Ngan basa panungtungan tepung, waktu Kang Hari pamit seja lumaku nyiar kipayah ka Sumedang, katangen aya reueuk na teuteupna, teu siga biasana . Leungeunna ngusapan sirah bangun kacida deudeuhna. “Tyas…engkang miang,  doakeun nya, Bageur ” Ceuk Kang Hari semu dareuda. Samemeh kuring tumanya naon nu jadi sabab, Kang Hari geus ngadius numpakan motor bututna bari ninggalkeun kahemeng jeroeun dada.

Ti harita kuring ngalaman nyaho panjangna peuting, unggal kadenge sora motor kuring cengkat teu sirikna lumpat ditoong sugan Kang Hari nu datang…lebeng. Ti poe ka poe peurih niiran ati, kasono nyoso nyasaak rasa.

Nincak bulan kadua ti saprak Kang Hari miang bari teu mulang- mulang, sanajan apal emih nu jadi mitoha moal narima kalawan hade, kuring kapaksa  ka Pagaden nepungan emih, maksud rek maluruh Kang Hari.

Barang tepi ka bumi emih, bener weh batan meunang beja, emih kalah nyeukseukan beak beresih, majar gara-gara kuring cenah Kang Hari jadi bahula kanu jadi indung. Harita kuring ditundung bari diomat-omatan teu meunang kumawani nincakkeun suku di bumina emih…haram majar teh.

Basa kuring nyegruk nyuuh na dampal sampeanana…emih ngajengket.

Kuring mulang bari mawa hate raheut gudawang, peurih taya papadana. Lain nyeri ku sikep emih, tapi nyeri ku nanasiban. Teu ngabibisani mun emih teu doa Kang Hari mihukum kuring, sabab kolot mana atuh anu sadrah minantuan ka jelema balangsak siga kuring. Enya ceuk nini mah kuring ge cenah turunan menak, tapi naon hartina teureuh mu kanyataanana hirup balangsak, taya nu mantak jadi kareueus. Pon kitu deui meureun pikeun nu jadi mitoha, diri estu teu aya harga.

Clak kana angkot rek mulang, sapaparat jalan cipanon murubut teu kabendung.

” Kang Hari… di mana salira ?, hate jumerit maratan langit.

Turun tina angkot dipapag hujan gede pisan, baju jibreg hate rudet. Nepi ka kontrakan teu nolih baju baseuh, kuring meubeutkeun maneh na luhur kasur butut, nyuuh nyegruk…guguling nu jadi saksi sagalarupa kapeurih.

Gusti…! na bet kieu lalakon hirup teh. Diri ngalaman dicacampah mitoha, diculkeun kunu jadi salaki alatan hirup sagala tuna.

Naha Gusti…apan kateugaduh teh sanes kahoyong !

Kuring mindeng ngerem maneh. Ray poe ka poe simpe ngeleketek hate, nyesakeun lara nu maksa nyasaak raga.

Ngan roko jeung kopi nu jadi batur satia marengan waruga milangan panjangna peuting.

Tapi alhamdulillah, sanajan juwet jeung rudet solat mah tara tinggaleun. Harita bari sujud kuring sumegruk, tamada kanu Maha Kawasa rumasa raga lamokot ku dosa. Lahaulawalakuwwatailabillah…Gusti  nyanggakeun sadaya-daya, paparin abdi pitulung paparin abdi pituduh di mana pun lanceuk ayana ?

Adan awal hawar-hawar kadenge ti masjid lembur sabeulah. Gancang kuring wudu, deker solat peuting parat tepi ka subuh. Rengse solat teuing kumaha ujug-ujug jorojoy hate hayang ka Sumedang nepungan Anggi sobat kuring. Kabeneran salaki Anggi teh sobat Kang Hari.

Harita teu kacatur kumaha di jalanna, kira-kira wanci haneut moyan kuring geus nepi ka Nalegong, kabeneran Anggi keur aya di imahna. Derekdek kuring nyaritakeun sagala rupana, tangtuna ngeunaan  Kang Hari. Rengse kuring cacarita, gabrug Anggi ngarangkul bari nyegruk ceurik na lahunan. ” Sing sabar ya, Teh…maafin kalo Anggi baru bisa terus terang sekarang, kemarin-kemarin Anggi bingung mau cerita”, ceuk Anggi bari dareuda.

Asa ngadenge gelap tengah poe ereng-erengan barang Anggi nyarita yen Kang Hari geus dua bulan kawin deui ka urang Bendungan Sumedang. Kacida teu percayana kana eta beja, mun Anggi teu nembongkeun poto mah, poto Kang Hari keur rendengan. Awewena mah teu pati geulis, tapi manis jeung budak keneh deuih, ngaranna Nia.

Girimis miripis na kisi-kisi langit,  mancawurahkeun cileuncang na kamalirna rasa, gelap dor dar, titingalian asa kararoneng harideung, langit tungkeb, sagala harepan kandas sapisan.

” Kang Hari…teungteuingeun !” kuring rubuh teu inget di bumi alam. Sadar-sadar soteh awak pada ngarancetan ku Anggi reujeung adina.

Kuring cengkat, astaghfirullohaladzim Gusti…paparin abdi kakiatan. Mugi langit teu jadi runtuh, mugi diri sing kukuh pengkuh dina iman, paparin abdi kayakinan dina ngemban amanat Salira yen abdi gubrag ka alam dunya teh teu aya deui iwal pikeun ibadah ka Salira. Mugi kanyeri sareng kapeurih ulah dugi ka ngajantenkeun abdi peunggas harepan. Paparin abdi kakiatan pikeun nampi ieu cocobi ku rasa sukur, mudah-mudahan janten cukang lungsurna hidayah malah mandar nambihan takwa abdi ka Salira.

Harita kira wanci asar kuring mulang ka Subang. Hate geus buleud mending pisah batan rumah tangga dipapaes kapeurih. Sugan ari geus teu kaiket mah hate bisa mopohokeun Kang Hari.

Tapi aneh, duka kunaon…batan poho hate kalah marudah. Tug nepi ka ayeuna geus opat taun papisah, hate angger cumantel wae

Bakat ku anteng ngalamun, teu karasa beus geus nepi kanu dijugjug, Situraja.

Jrut kuring turun. Kasampak Anggi keur nungguan di tukang rujak, sigana mah keur ngarujak da si eta mah kana rujak teh teu beunang dicarek, sanajan panyakit mahna geus parah oge.

Barang ningali kuring datang, tibuburanjat manehna nyampeurkeun, silih rangkul nyacapkeun kasono, teu weudeu kacida atohna.

Atuda teu rek kitu kumaha ti saprak kejadian opat taun katukang tea, kakara ayeuna kuring jeung Anggi patepung deui.

Ngahaja kuring nepungan Anggi, maksud rek babadamian ngeunaan bisnis leuleutikan nu rek digarap ku kuring jeung Anggi.

“Jeung saha, Nggi ?”

“Sendiri, Teh”

“Kang Budi ka mana?”

“Rapat dulu di sekertariat, dia tahu ko Teteh mo datang”

“Langsung ke rumah kontrakan Nggi ja ya, Teh”

“Hayu !”

Clak kanu motor, dibonceng.

Angin sore ngahiliwir nebak raga neumbag rasa, ngahariring nyeuitan kikisik ati, nyidem rupaning carita nu endah dipangkas peunggas.

Ah…cimata ngembeng deui na kongkolak mata.

Sapuluh menit geus nepi ka kontrakan Anggi. Imah leutik camperenik dipapaes buruan nu resik asri mantak betah nu nyicingan. Alhamdulillah sanajan bari jeung ngontrak kahirupan Anggi ayeuna rada nyeunghap. Hate milu bungah.

” Teh, makan heula nya, urang ngaredok leunca karesep Teteh, aya pais belut pais supa deuih” ceuk Anggi ngajakan dahar.

” Engke weh Nggi nungguan kang Budi, ngarah ni’mat ngariung mah” ceuk kuring bari gek diuk na karpet pulas beureum nu diamparkeun di tengah imah.

Keur uplek ngobrol, kadenge aya sora motor eureun di buruan, reket panto muka breh Kang Budi salaki Anggi, tapi teu sorangan geuning.

Barang engeuh lalaki nu nangtung tukangeunana, kuring ngagebeg. Jajantung ratug rupa-rupa rasa nyaeuran lolongkrang dada. Kuring samar rampa.

Gusti…ringkangna nu eta keneh. Moal poho sanajang ngajuringkang na mongklengna hate.

Ringkang nu eta nu salila sapuluh taun mepende simpe, nu nyeboran rasa ku ketegna cinta, nu ngeukeuweuk ku kadeudeuh na unggal renghap nu ngagalura. Kang Hari nu kiwari geus jadi nu lian, ngahaja datang ngamprok nganjangan.

Kuring cengkat, cong ngajak sasalaman.

Ramo patarema, dada sesek piceurikeun nyelek. Gusti… teuteupna angger keneh linduh iuh. Rasa sono mupus kapeurih nu geus Lila ngarobeda. Sirung-sirung harepan melentung melentis deui.

“Tyas, hapunten engkang nya, engkang teu gaduh maksad ngajaheutan manah salira upami teu baning kapaksa, emih nu harita teu damang repot maksa engkang kedah mirak salira, engkang bingung teu manggih tungtung dina mutuskeun pilihan, kanu jadi indung sieun doraka, ka salira engkang teh nyaah . Engkang pada nyalahkeun majar gara-gara engkang panyawat emih anpal. Teu tiasa kumaha barang emih maksa nikah ka Nia putra rayina apa. Tyas…harita dunya asa tungkeb, komo barang terang ti Anggi salira apal yen akang rendengan jeung Nia tur salira mulih bari jaheut manah” ceuk Kang Hari bari reg eureun nyaritana diselang nginum heula .

Sanggeus ngarenghap sakeudeung, Kang Hari neruskeun nyarita ” Namung nya kitu tea Tyas, panginten engkang teh dosa ti salira, ti barang ngahiji jeung Nia hirup teu aya kasinugrahaan, rejeki seret panyakit nyedek, Nia tos sataun ieu kangker payudara tacan operasi da seuseut waragad, atuh budak engkang ayeuna ngagoler di rumah sakit tos saminggu, hasil ronsen saurna aya plek dina paru-paruna”.

“Dupi emih kumaha…damang?”

“Puguh opat sasih saparantos engkang nikah ka Nia, emih pupus”, Kang Hari nembalan bari dareuda.

Hag siah…hate bungah kacida, teu karunya teusing. Ayeuna kasempetan aing ngarebut Kang Hari. Indungna geus euweuh, pamajikana gering. Naon deui nu jadi panghalang ?

Jalan kuring pikeun males kanyeri ka Nia ngabulungbung. Nya ayeuna waktuna kuring ngarebut deui asih nu kungsi leungit, nya ayeuna waktuna kuring kokojayan dina sagara bagja. Hate geus gilig kumaha wae carana Kang Hari kudu kapimilik deui.

Wanci beuki nyerelek, beres sholat magrib terus dahar ngariung. Kuring jeung Kang Hari diuk pagegeye silih tepak silih toel mudalkeun kasono, ngahaja ngalas na piring gede ngarah sapiring duaan bari silih huapan.

engse dahar kuring maksa Kang Hari hayang ngalongok Egi, anakna.

Mimitina mah Kang Hari rada mugen, tapi barang kuring jangji yen bakal ngajaga sikep di hareupeun Nia, teu burung Kang Hari nyatujuan. Sanggeus bebeja ka Anggi jeung ka Kang Budi yen kuring rek ka rumah sakit, clak duaan kana motor leungeun montel na cangkeng Kang Hari, bulan nu harita mimiti nembongan mencrong nyaksian kuring duaan nu sarua keur kasmaran.

Nepi ka rumah sakit lebah kamar no 2 reg eureun, lalaunan muka panto. Breh di jero hiji awewe keur nundutan sisi ranjang, awak begang beungeut kuyu nyidem salaksa kasusah, buuk kusut pakean lusuh. Sanajan ngora keneh tapi geus katingali kolot pertanda awak teu sehat.Di luhur ranjang katingali Egi ngalempreh, selang infusan pakuranteng jeung selang oksigen. Hate ngaleketey…rasa dendam jeung ceuceub ka Nia nu salila opat taun nyangkaruk na hate kiwari leyur lir salju kapanasan.

” Deudeuh Nia…sanajan anjeun geus tega ngarebut Kang Hari, sanajan anjeun geus tega ngancurkeun kabagjaan kuring, tapi anjeun mah ngan ukur sababiah. Teu adil mun kiwari kuring males kanyeri dina kaayaan anjeun keur kieu, kuring ngarti kumaha raheutna hate anjeun nyanghareupan situasi nu sagala mantak seunggah, ekonomi terpuruk, awak jeung anak nandangan panyakit. Hampura Nia…hampura !

Sakedapan beungeut Kang Hari diteuteup. Sanajan gede pisan cinta kuring ka manehna, tapi hate geus gilig ti mimiti ayeuna kuring kudu mopohokeun manehna. Samemeh Nia lilir kuring buru- buru kaluar ti kamar.

” Tos wengi Kang…abdi bade wangsul deui ka bumi Anggi”

” Har…geuning ?”

” Sumuhun, tos weh cekap ” ceuk kuring bingung naon nu kudu diucapkeun.

“Hayu atuh !”

“Sawios teu kedah dijajap, hatur nuhun, salam ka Nia…mugia Egi enggal damang”

Kareret Kang Hari olohok bengong.

Gusti…hatur nuhun, cahaya Salira hurung mancur nyaangan hate abdi nu salami ieu poekeun. Hatur nuhun Gusti, Salira parantos nyalametkeun abdi tina rereged dosa.

Kuring leumpang ninggalkeun rumah sakit. Angin peuting ngahiliwir nyingraykeun pepedut anu salila ieu nyangkaruk jeroeun kalbu. Hate gilig niat geus buleud pikeun mupus sagala rupa harepan hirup jeung Kang Hari. Lalaunan kuring tanggah bari ngucap sukur Kanu Kagungan.

Bulan ngambang…hate cangra. Gusti….mung salira tempat abdi ngumaha.

 

Cag ( Tamat)

Subang, 16012020

 

 

 

 


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *