Kuciwa

Share posting

Carpon : Lilis Yuliati, S.Pd.,M.Pd.

Ilustrasi, Net.

Rebun-rebun sabada Sholat Shubuh, Mang Arnisam geus seregep gagah make baju weuteuh, teras di jeket pulas gading polet coklat, sendal kulit made in Sukaregang Garut anu ka koncara kulit asli, pamere alona anu ngumbara di dayeuh.  Peci hideung, teu hilap tasma anu pageuh nangkod dina pangambung bangirna.

Gancangna carita nepi kanu dituju. Mang Arnisam rada musam mesem nalika milu antri di salah sahiji palayanan umum. Jam geus nunjukkeun tabuh 08.00 isuk-isuk, tapi panto masih nutup can aya patugas hiji-hiji acan. Tabuh 08.15 tatar wetan patugas  kakara jol datang, anu langsung di serbu ku masyarakat nu butuh palayanan.

Nalika di tanya jawabna caralik heula,  abdi teu acan beberes.  Kitu deui basa Ibu-ibu satengah tuwu tumaros,  pami ieu kedah kumaha? Jawabna, antosan wae engke di panggil. Nalika jol deui bapa-bapa nu nanya,  abdi bade tumaros,  jawabna antosan abdi teu acan beberes

Pating gereneng, kuciwa kana jajawaban eta petugas. Teu kungsi lami  jol lalaki sambada jangkung ageung, kasep ngalempereng koneng nganggo kaca soca hideung di saragam aparat bari mamawa surat sacewir. Solongkrong di sampeurkeun ku petugas anu tadi saurna nuju beberes, bari pok nanya, Ieu kagungan Bapak,  bade peryogi ka palih mana? Tanyana marahmay bear, beda basana teu ketus siga kanu tadi pada naros.

Boga rasa mokaha susuganan di taros da sami nyandak surat sacewir, Mang Arnisam jung nangtung bari pok nanya, susugan di jawab ku basa anu merenah, siga kanu kasep nembe . “Neng, pami kagungan Amang kedah kumaha ieu? Tanyana  bari sarua nyodorkeun surat sacewir. Ántosan wae, abdi teu acan beres!”, jawabna bari ngaleos.

Olohok mata simeuteun. “Euleuh gening…”, ceuk Mang Arnisam  rumahuh seuri koneng bari ngaleos, dina jero hatena noroweco kutuk gendeng, kukulutus teu puguh arah. “Singhoreng… hayang nanya bari terus di jawab mah, kudu make baju saragam pagawe anu perlente”, pikir Mang Arnisam bari ngoloyong deui kana pangdiukan anu tadi.

“Horeng simana horeng identitas atawa baju saragam teh mawa nilai leuwih kana palayanan publik di masyarakat”, galecok manah Mang Arnisam. Bari gek diuk… “Anakieu mah Amang kudu balik heula kitu, ganti make baju saragam pamere dunungan anu geus teu kapake”, pikir Mang Arnisam bari  medeghel mangkel seueul nepi kana tulang beuheung.

Banyuresmi, Ahad, 28 Feb 2021

CV Penulis :
– Penulis adalah Guru di SDN 3 Banyuresmi Kabupaten Garut.
– Koordinator Reporter GrahaBigNews untuk wilayah Kecamatan Banyuresmi.
– Penyusun buku pembelajaran untuk Paud dan TK.

Bingung Ingin Kuliah yang Berkualitas? Klik aja Link di bawah ini !!!

http://pmb.fteknikuniga.ac.id


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *