Katresna Katinggang Patok

Share posting

Carpon Minggon Ieu ku Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.

Ilustrasi – https://images.app.goo.gl/xhBWdbhChmn6M4KRA

Angin leutik ngadalingding nebak kana pucuk eurih anu aroyag pating kulisik, ngabageakeun sarangenge nu meletek kakara lugay ninggalkeun enggon tina simpena rasa sesa janari. Carangcang tihang hibar beureum ti beh wetan, ngendagkeun rasa ku hibarna nu nagkod pageuh muntel halimun di tutugan gunung Guntur. Lalaunan halimun ngolesed nyingray kabawa angin leutik dina simpena rasa wanci harita.

Lelembutan mimiti kumpul, ngentep seureuh dina pangacian nu mancawura ku kareuwas. Neger-neger maneh meresan lelembutan sangkan panceg dina tempatna. Hareundeu olohok mata simeuteun, neuteup nu kasep awak sambada ngabadega ngahalangan jalan pileumpangeun jalan satapak sisi wahangan, anu meh mangrupa galengan sawah. Gedebrug… gujubar, awak rancucut tikusruk kana wahangan, teu kaampeu nahan kareta mesin anu di rem ngadadak sakaligus, alatan mendak kareuwas.

“Teu sawios-wios Nyi?, Kang Uje ancrub semu reuwas muru wahangan bari narik kareta mesin anu nindihan awak. Taya kecap anu kedal, mastaka ngeluk tungkul bari panangan sibuk memeres sinjang anu nyingsat kairig ku cai wahangan. Teu kaampeu cai soca murubut ngamalir haneut dina pipi anu cipruk sabada ngagubrag ka wahangan.

Kalacat hanjat, gura-giru ngantunkeun Kang Uje anu celenggeu molotot mata simeteun, teu lemek teu nyarek nyerangkeun lalampahan anu samarampa. Sababaraha wangsulan, kalacat kana kareta mesin nu meh tikosewad deui, antukna kareta mesin di tuntun bari ngeluk tungkul siga buweuk meunang mabuk. Kapeurih asa numbuk dina ati, ngalalakon ngalaman kanyeri di tinggal nikah ku bebene, mayunan kabale nyungcung mungkas lalagasan nutup bubujangan jeung nu lian dinten enjing.

Asa di gerihan ku hinis, nalangsa taya papadana. “Sakedahna Akang pangantenan sareng abdi”, gerentes hate noroweco. Teu tiasa di bangbalerkeun, pameunteu kang Uje ucang-ucangan nembongan, kokolebatan dina kongkolak mata. “Mugi akang sakinah dina ridho Mantena, lakirabi duaan sareng anjeuna”, gerentes ati ninggalkeun kapeurih dina hate anu gudawang.

“Wios di bonceng ku Akang Nyi”, Kang Uje nuntun kareta mesin mayunan ngalacat, seja ngaboseh muru sawah di beh kulon wahangan. Saparat jalan, sempal guyon dina asih nyantelkeun kadeudeuh anu tos lami nyaliara dina ati. Pasini jadi ngahiji kedal dina ucap anu wening bersih, sapapait samamanis seja di sorang reujeung paduduaan.

Kabale nyungcung sasih rayagung, buyar mancawura alatan sepuh benten paham dina patok taneuh irigasi, benten paham teu tiasa dibeberes, katempuhan buntut maung. Kaasih peunggas pasalia sareng pasini, harepan anu kedal alatan sepuh teu sapaham. Sanes restu anu di pasihkeun bebendon anu di tampi, nalangsa anu karasa duriat peunggas dina katresna katinggang patok.

 

 

Banyuresmi, 14 Maret 2020.


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *