Share posting

Carpon Minggon: Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.

Ilustrasi, Net

Wanci sariak layung, hujan leutik ngaririncik maseuhan sabudeureun alam. Kilat pating buricak silih samber jeung guludug anu ngaguruh, siga nu ngahaja nyingkahkeun kapinis anu motah muru pangreureuhan sabada rancucut katinggang hujan badag anu ngagebret, balik ihtiar neang sareat minuhan pangabutuh seja manjangkeun kumelenang di ieu alam.

Alam darma pawayangan nu parantos di atur ku Mantena, Allah Robbulijati nu nyiptakeun sabudeureun ieu alam sareng pangeusina. Anu kagungan usik malik umatna saparakanca. Ngusikkeun sagala pangeusina. katingali ulang-ulangan ngulisik pucuk cau, lir ibarat anu ngahiap-hiap ngaku Ceu Edoh anu nuju ngiuhan handapeun tangkal kaweni sisi tajug.

“Palih dieu Ceu!”, Neng Lina rada bedas nyauran Ceu Edoh anu nuju ngiuhan di beh kaler. Ceu Edoh luak-lieuk muru sawara anu nyauran, prok paamprok teuteup, gelenyu imut bari hormat ka dununganna. “Sumuhun Neng, hatur nuhun”, pok na deui baru imut ngaraos anjrih pinuh hormat ka dununganna anu bageur, darehdeh tur someah.

Kasomeahan neng Lina taya tandingna pikeun Ceu Edoh mah. Jalmi anu sampurna, geulis, someah darehder tur berehan. Handap asor kasasama henteu adigung adiguna, teu gaduh rasa abong teuing uyah kidul. Sanaos harta lubak libuk bru di juru bro di panto, anjeuna tetep kersa tutulung kanu butuh tatalang kanu susah.

Teu kaampeu cai mata murubut ngalembereh maseuhan pipi Ceu Edoh, anu nyerangkeun Neng Lina ti katebihan. “Gusti iraha teuing abdi tiasa sapertos anjeuna”, gerentes na manah Ceu Edoh bari cumalimba. Ras kana hirupna anu numbuk jeung kasusah. Ngarasakeun kapeurih, kasusah terus jeung terus tumiba ka anjeuna. “Iraha atuh kabagjaan nyarengan abdi sakulawargi Ya Allah?”, jumerit batin Ceu Edoh, bari tanggah ningali langit anu meh reureuh tina hujan, ninggalkeun girimis leutik di sarengan katumbiri katutup mega hideung, siga nu surti kaayaan hate Ceu Edoh.

Jut Ceu Edoh leumpang muru padumukana anu rada anggang ti beh dinya, kabayang putrana anu humarurung hoyong di ubar ka puskesmas, pameunteuna pias bari harossos, “ Hoyong di obat Ma, hoyong emam kentucky”, pok na neuteup Ceu Edoh anu cumalimba. ”Sabar kasep, enjing ku éma di candak lalandong, meser kentucky!”, dumareuda Ceu Edoh, bari ngusapan mastaka putrana.

Kulutrak panto di buka bari uluk salam sababaraha kali, taya jawaban… enggon di tinggalian sababaraha wangsulan, ka pawon, ka cai… tetep taya jawaban, Jang Sandi nu janten putrana taya di enggon tempat tadi ngalempreh waktu Ceu Edoh pamitan seja balangsiar, nyiar pikeun uubar ngalandongan kasakit nu janten putrana. Leketey awakna leuleus satulangsandi, brug Ceu Edoh nambru dina palupuh roangan tengah bari ngabangingik, nyeungceurikan nu janten putrana anu duka teuing kamana jugna. Usum kasakit ku nyebarna wabah panyakit virus corona ieu, matak ngaruntagkeun manah Ceu Edoh, asa tambah ngelis tambah peurih.

“Kasep, hapunten éma… teu tiasa nyenagkeun nu janten putra”, bari nyimpen bungkusan goreng kentucky, pamundut nu janten putra, anu kaleresan di pasihan ku Neng Lina nu janten dununganna. Curinghak neuteup panto, ningali nu ngarongheap datang. “Ujang… pok na bari cengkat muru nu datang.

“Ema, hapunten ujang, angkat sareng amang”, jang Sandi neuteup pamanna anu ngadeg gedengeun jang Sandi. “Sumuhun Ceu, hapunten abdi kumawantun, Jang Sandi di candak ka dokter, hawatos salirana panas nyebret, Alhamdulillah demam biasa, tina kahujanan Ceu ”, jang Ohim ngajelaskeun ka nu janten dahuanna. Nalangsa ningali kaayaan alona, anu ngaringkuk di bumi nyalira. Cuang cieung nyalira di kantun ibuna anu nuju kasab. Deudeuh teuing sapaninggal ramana kanggo salamina, Jang Sandi remen di kantun emana anu kasab nyiar pangabutuh.

Maharmay pameunteu Ceu Edoh, sanaos kumpeu katingalna nalangsa kana kaayaan dirina. “Alhamdulillah Gusti, parantos maparin pitulung kanggo abdi sareng pun anak”, gerentes na manahna Ceu Edoh, bari teu hilap ngahaturkeun nuhun kanu janten adi beuteungna. Mugia Allah maparin kasehatan kanggo pun anak, katut kalancaran rizky kadang wargi nu ngabantosan abdi, do’a Ceu Edoh mungkas do’a-do’a sejena, sabada sholat Magrib, bari nuuteup putrana, anu mendeko wiridan sgedengeunna.

 

Banyuresmi, 22 Maret 2020


Share posting
rudi herdiana

Share
Published by
rudi herdiana

Recent Posts

Aong Warga Cibatu Dibawa Khusus Untuk Memecah Batu di Lokasi TMMD ke 120 Kodim 0611/Garut

Oleh: Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - 14 hari sudah program TMMD Reguler ke 120 Kodim… Read More

2 hari ago

Jalan ke Pasir Pari Berkat TMMD ke 120 Kodim 0611/Garut Kini Sudah Bisa Dilewati

Oleh: Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - Sujud syukur dirasakan oleh RT Ijan (76) akhirnya program… Read More

2 hari ago

Kehadiran Peserta Ujian di PKBM Syfaush Shudur mencapai 100 Persen

Oleh : Wida Heryani & Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - Pelaksanaan Ujian Akhir Kesetaraan Paket… Read More

2 hari ago

Pembangunan Sumur Bor TMMD ke 120 Kodim 0611/Garut di 3 Titik Berhasil

Oleh: Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - Pembangunan sumur bor dalam rangka kegiatan TMMD reguler ke… Read More

3 hari ago

Warga dan TNI Satgas TMMD ke-120 di Desa Cinta Damai Berhasil Membuat Jembatan Sementara untuk Akses Warga

Oleh: Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - Warga dan anggota TNI Satgas TNI Manunggal Membangun Desa… Read More

3 hari ago

PKBM Padamukti Tingkatkan IPM Pendidikan Melalui Rekrutmen Masyarakat Putus Sekolah di Empat Wilayah

Oleh: Wida Heryani & Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - Pelaksanaan Ujian Kesetaraan Paket C, dilaksanakan… Read More

3 hari ago