Cerpen

Ceu Edoh VS Ceu Iroh

Share posting

Carbung ku : LilisYuliati, S. Pd., M. Pd.

locita.co

Bagean ka-1

Wanci rumangsang, sarangenge katingali bengras manceran alam jagat pawayangan. Karaos  haneut rada moreret nojo kana kulit anu rancucut baseuh, sabada hanjat ti sawah muru galegan. Katingali Ceu Edoh marahmay bear, ngabageakeun Neng Lina anu  janten dunungannana. Mupundutan  nganggo sinjang jangkung mapay galengan anu lamokot ku leutak. Katingali sieup ngelek boboko sareng teko, katawis pisan lungguh timpuh andalemi, matak sereb anu neuteup.

“Neng meni ku nyalira, mana nyi Tini?”, tanya Ceu Edoh, marahmay naros dunungana. “Puguh nuju kirang sehat, saurna nirisan  tos dua dinten Ceu?“, walon Neng Lina, bari gek calik dina galengan anu tos diamparan daun cau ku Ceu Edoh. Brak boboko di buka, aya timbel 6, jaer, oseng kiciwis, angeun lompong, lalab terong, kurupuk dua toros sareng teu hilap sambel galeng nganggo tarasi beureum anu matak uruy.

“Mangga Ceu gera tuang!”, Neng Lina mairan Ceu Edoh, bari teu hilap nyaurang Mang Emod, Mang Eden sareng Mang Usin, anu katingali soson-soson ngumbah sampean sareng panangan anu jeblog lamokot ku leutak. Teras gek caralik sareng Ceu Edoh, der taruang balakecrakan limaan sareng Neng Lina semu anu nikmat. Kesang luut leet maseuhan tarang, teu mirosea bangkong anu pating araclog dina leutak semu atoh, usum ngijih geus datang. Dipairan sora meri anu seah, garuyang semu anu baleger, ngudag-ngudag bikang taya kacape.

Ngagedig ti beh tonggoh katinggali lapat-lapat ti katebihan, awewe satengah tuwu muru Ceu Edoh bari celengkeung naros, “Manawi aya Kang Darma, Ceu?”, singhoreng ceu Iroh luha-loho, bari semu aya nu di teang. “Teu aya Ceu!”, waler Ceu Edoh, males neuteup ka Ceu Iroh. “Kamana atuhnya si kasebelan teh? Bulak-balik naek kareta mesin bari taya gawe, meakeun tanaga taya ujung puhuna!”, Ceu Iroh kukulutus badi gek calik gedengeun Neng Lina.

“Sumuhun kamana atuh Ceu, Kang Darma teh?”, Neng Lina naros, bari miwarang tuang ka Ceu Iroh. “ Tos maning tuang dari pada kukulutus, cape Ceu!”. Ceu Iroh neuteup Neng Lina bari ret kana timbel anu sesa sabungkus deui, teu antaparah di buka, di sambelan sareng jaer anu tinggal  sapotong deui, coel kana sambel camuil- camuil kana terong hejo anu karaos amis, katingali anu lapar  ngalimed semu anu nikmat.

“Wios di seepkeun Neng?”, tanya Ceu Iroh bari nyicikeun sesa angeun lompong tina rantang, Neng Lina manggut bari imut. “Keuheul kanu jadi salaki teh Neng, teu mulang tos 2 poe!”, Ceu Iroh muka carita.

Nyambung engkin di bagian ka-2….


Share posting
wishnoe ida

Share
Published by
wishnoe ida

Recent Posts

Dandim 0611/Garut Tinjau Lokasi Tanah Longsor dan Bangunan Terdampak Gempa

Oleh: Rudi Herdiana Grahabignews, Garut – Dandim 0611/Garut Letnan Kolonel Czi Dhanisworo, S.Sos meninjau lokasi… Read More

6 hari ago

Budidaya Tanaman Sehat dengan Pupuk Organik

Oleh: Yani Supriatna, MP Grahabignews, Garut - Dinas Pertanian Kabupaten Garut berkolaborasi dengan Balai Perlindungan… Read More

2 minggu ago

Optimalisasi Penanganan Sampah, Patuhi Jam Buang Sampah

Oleh: Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Garut terus gencar mengatasi… Read More

2 minggu ago

DPK KNPI Kec. Bayongbong, Bagikan 200 Bungkus Takjil

Oleh: Gun Gun Imat Grahabignews, Garut - Berbagi kebahagiaan di Bulan Suci Ramadhan, berupa berbagi… Read More

4 minggu ago

Anggota DPR RI Komisi IV, Support Bazar Murah Dinas Pertanian Garut

Oleh: Rudi Herdiana Grahabignews, Garut - Menjelang Hari Besar Umat Islam, tepatnya Hari Raya Idul… Read More

4 minggu ago

Golkar Peduli Berbagi Berkah Ramadhan

Oleh: Ghani Purnama Grahabignews, Sumedang - Anggota DPR RI Fraksi Partai Golkar, Hj Itje Siti… Read More

4 minggu ago