Wiati Rumingkih

Share posting

(Haturan kanggo sobat)

Ku: Dashewa

ilustrasi gambar-pixabay

Lamun wiati keur kingkin rumingkih

disasaak bentar gelap,

nepi ka rembes girimis

Anjeun geura sadia,

neangan geusan ngiuhan!

 

Sanggeus raat hujan midang

sugan atuh pareng tepung jeung  katumbiri

Cukang mandi putri ka leuwi

 

Lamun wiati geus bengras

angin lirih humiliwir

nepi kana sanubari

Ajeun geura sadia

ngapungkeun langlayangan

 

Pung, ngapung ka mega malang!

Nyinglar ringrang jeung honcewang

 

Kadang, reueuk  wiati  awor jeung medal srangenge

paselang jangelekna hirup anjeun

dina sesebitan hate kuring.

 

(Panyieuh rungsing ,3 Agustus ’23)

 


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *