2 Puisi Sunda Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.
Ku Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.
Ngolembar
Mangsa pepedut lingsir
Nuturkeun mega hideung anu ngagantung
Nyangsaya na tungtung langit di beh wetan
Teu walakaya…
Angkeub nutupan langit
Nyimbutan rasa nu meh tiwas
Kingkilaban
Disamber kilat anu pating burisat
Mancawura
Nyesakeun keclak cai hujan maseuhan buana jagat
Anu limpeu kulimis kabulusan
Ditutugan rasa anu tunggara
Ngahelas
Ngoredaskeun pangharepan anu suwung
Ngolembar nyesakeun panglamunan
Dina pangacian anu ilang tanpa karana
Banyuresmi, 221120
Sareng Saha Atuh?
Teu sapira memang
Tapi memang asa teu di sapirakeun
Lalakon anu diguar ku salira
Meungkeut meulit dina ati sanubari
Asa murilit…
Nyungkelit pait ngaleled kulit
Salira ngembang kadu
Kalapa bijil ti cungap
Rusiah kedal ngalir sapada harita
Teu kedah di korek
Atanapi ku jeujeur di useup
Sangkan nyanggut neureuy eupan
Keom rasa teu percaya
Tah gening…
Salira ngangken
Pertarosana, sareng saha atuh?
Banyuresmi, 251120.