Eskapis

Share posting

Carpon Minggon Ieu Ku : Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.

food.detik.com

Rebun-rebun maju ka carangcang tihang, hawa tiis masih karasa ngabuntel awak ku tirisna, karasa ngabuntukeun kalakuan wegah ingkah ninggalkeun enggon, laju morongkol bari narik simbut ngabunian awak anu karasa ngahodhod.

Kareret ku juru mata jam tembok anu nangkod dina tihang palang dada, wanci geus nunjukeun tabuh 6. Kulisik maksakeun hudang, nyingraykeun hordeng nu nutupan kaca jandela. Hawa tiis nyelecep neumbrag kana awak, karasa pisan tirisna.

Katingal pepedut mimiti nyingray di suaykeun ku meletekna sarangenge nu manceran macapada. Di bageakeun sora golejra jeung piit anu recet dina tangkal campaka endog anu genclek kembangan, patembalan jeung si jelug anu rabul kaluar tina kolong paranje.

Sajongjongan ngajanteng ningali kalakuan sihawuk anu ngorehan parab dina jero kurung, parebut jeung anakna anu meujeuhna rempeg. Hate seuri koneng, emut kana wejangan  nini waktos masih  jumeneng. “Ulah hudang beurang bisi rejeki beak dipacokan ku hayam!”.

Nyata gening bahasa kiasan teh, papatah anu kudu di regepkeun jeung di petakeun dina kahirupan sapopoe. Bukti pisan, basa nembe nguliwed kapipir, aya pikir ti peuting keneh rek mulung suung isuk-isuk. Mulung suung  dina rungkun di beh wetan, anu kakoncara loba suungna  dimana usum ngijih  saperti kiwari.

Reg eureun, lengkah  ngarandeg gedengeun tangkal kai, lengkah rada ngeteyep popoyongkodan, culang cileung bari ceuli di rancung-rancungkeun ngadenge anu pating gereneng di beh kulon, dina  rungkun anu rek dituju. Olohok ngembang kadu , ningali anu di juru keur pahibut ngalaan suung, paboro-boro. Horeng… kuring kapiheulaan, gerentes na jero hate.

“Den… bilih Aden bade suung, mangga dua sewang sareng amang!”. Ngagorowok mang Oding jeung mang Uhro siga nu rampak, bari ngacungkeun suung, semu nu reuwas neutup ka arah kuring. “Henteu mang, mangga kanggo amang wae!”, tembal kuring bari ngaleos, ngarasa era bari kulames kulemes siga domba eleh, ninggalkeun dua pakacar anu geus saregep rek nyacar di kebon.

“Gening, aya oseng suung bi?”, tanya kuring ka bi Ita, bari mukakeun tetenong di pawon wanci lingsir balik ti bale. “Sumuhun Den, tadi di kintun ku mang Oding sareng mang Uhro, saurna kanggo Aden”, tembal bi Ita ngajelaskeun.

Sajongjongan ngalamun, bari ngahanca sangu jeung oseng suung. Uleng mikir, loba  kajadian anu bener-bener kudu dipikiran, di titenan ditalaah jeung dipilampah. Rumasa ngarasa lengle, ngan saukur niat ngagerentes dina jero hate, tapi teu jung di pilampah. Singhoreng ngan saukur niat mah, moal bukti lamun teu dilakonan.

Ngolebat sajorelatan, katingali nu jadi nini emok calik ditepas, imut pinuh surti bari pokna… lenyepan ku anjeun Jang! “Melak meureun dina sugan, hasilna ge duka teuing”. ( Eskapis ).

Banyuresmi, Ahad, 16 Februari 2020


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *