Katumbiri Rasa

Share posting

Carpon : Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.

ilustrasi search
ribunews.wordpress.com

Pasosore mangsa sariak layung, nalika tonggeret ngelak siga nu mere beja, mawa melang kanu rek mulang, ngahiap-hiap gera jol muru nu anggang gera di teang, ros bodas nu nganti-nganti mawa pasini dina ati.

“Bade ngantosan Akang dugi ka mulang!”, Nyai Ratih ngagalindeng gedengeun Jang Kodir, anu bade miang. “Piduana ti Enung, mugia ieu wabah enggal ilang ti ieu nagri”, Jang Kodir mairan, bari Imut anu manis paamprok teuteup silih baledog ku rindat soca nu silih mikacinta. Nyantelkeun katresna rasa anu nyaliara dina dada.

Ngabuntel asih dina weningna tresna duaan, seja nyambungkeun pasini mawa janji sahidup samati nyorang rumah tangga dina ridho Illahi Robbi. Maksad nyorang bale nyungcung kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, lir ibarat gula jeung peueutna.

Kareueut dina mamanis hirup anu seja di sorang reujeung sasarengan. Tinggal ngantosan waktos nganti wanci nu mustari ninggang mangsa nu sampurna, ngadahupna dua ati. Meungkeut asih ku tresna nu wening bersih. Sasih rowah maheutkeun nyantelkeun meungkeut janji dua ati.

Asa ngabeungbeuratan, keclak cai soca anu geulis ngalembereh maseuhan damis, meulah pipi  anu mulus luwis. Ngamalir murubut cipruk kana kudung anu geulis. Tebih panineungan, alim teuing  di kantun tugas, ku nu kasep. Teuteup paamprok dina ngembengna cai soca. “Piduana Nung, akang miang”. Jang Kodir miang, di jajap ku Nyi Ratih, anu ngajanteng di tepas bumi, bari ngalereskeun acuk haneut nutupan awakna.

Lir ibarat sarangenge anu tara jalir janji tara sulaya tur pasalia. Henteu incah balilahan nyumponan  kawajiban manceran alam ku cahyana  anu endah, ngahaneutan ku asihna anu sampurna. Nyaangan alam dunya dina hibar Mantena, Allah RobbulIzati. Anu ngusik malikkeun  sakabehna umat jeung sagala pangeusina alam jagat pawayangan, dina tumetep kodho sareng kodarna.

Nyumponan mulang ka Nyi Ratih dina bulan rowah, nu tos di peheutkeun. Sapertos paheutna  janji Allah “unggal mahluk anu kagungan nyawa tangtos bakal maot”. Jang Kodir mulang, saatosna keuna virus covid-19, katularan wabah anu nyerang ieu nagri.

Titis tulisna anu parantos aya dina robul izati. Nalika malati ligar katinggang hujan caimata, murag ngayak dina taneuh beureum ngampar nutupan jasad nu tos di rurub ku padung. Jang Kodir mulang pikeun salawasna, mulang kanu  kagungan anu  parantos nyiptakeun anjeuna, Allah Anu  Maha Gofur.

Hujan leutik ngaririncik, nyarengan lengkah Nyi Ratih mulang ninggalkeun katumbiri rasa dina samagaha mangsa harita.

Banyuresmi, 12 April 2020

 

 

 

 

 

 

 


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *