Lalakon Mang Ase

Share posting

Carpon : Lilis Yuliati, S.Pd.,M.Pd.


Ilustrasi-bandung.kompas.com

Usum ngijih karasa pisan dina minggu-minggu  ieu, parat ampir saminggu hujan ngecrek tiap isuk. Ditambih ku pabaru, angin seak ngagelebug, karaos neumbrag kana awak. Katingali tangkal kalapa pating pelenoy, matak inggis anu ningal. Hate miris inggis kubisi rempan kusugan. “Ya Allah mundut ditangtayungan, pasihan kasalametan!”, galecok  manah Mang Ase, ngado’a ka Pangeran  mundut dipaparin kasalametan.

Sababaraha kali Mang Ase narik sarung  nutupan awakna anu karasa nyorodcod katirisan, bari siduru nirun seuneu  dipawon, naheur cai tur ngahaneutkeun sangu poe sesa kamari. Ret kana tetenong, anu ngagantung gigireun pago,  olohok mata simeuteun, narik ambekan sababaraha kali, singhoreng indung sijalu samutut nyungcung siga aseupan teh da eta meureun, tetenong kosong molongpong, taya bawang sasiki-siki acan. Tebih ka tarasi komo lauk asin mah. “Gusti gening ieu sababna”, Ceuk Mang Ase nepak tarang rada kerep, bari sur ngasurkeun suluh deui anu baseuh teu kapoe.

Méléték haseup minuhan pawon anu sacangkewok. Teu karaos wanci geus meujeuhna  maju haneut moyan, tapi hujan masih keneh turun ngaririncik. Asa waregah seja lunta neang kasab pikeun nyumponan pangabutuh sapopoe. Tapi dalah kudu kumaha, gede rumasa isin ku indung sijalu, rumasa can kacumponan   minuhan tetenong anu molompong gogorowokan menta eusi. Ngan kudu kamana atuh lunta neang kasab?

Sajongjonan campego dina lawang panto, bari neuteup jalma anu lalar-liwat nganggo payung, ngelek karung leutik eusi beas bari  ngajingjing kantong palastik anu rada mucekil katinggalna. Gusti… rada nyeak hate panas, gening geus wancina deui pambagian bantosan ti pamarentah, salami usum panggebug covid-19 ieu. “Asa teu adil gening hirup teh, ari nu baroga meunang bantuan, ari anu koreh-koreh cok teu meunang nanaon!”, Mang Ase kukulutus, najan boga dulur pajabat oge ari henteu deukeut jeung deuheus mah gening tetep weh hirup teh paaing-aing. Teu merhatikeun jalma leutik, ceuk Mang Ase bari jlig ngalengkah turun tiimah, sakaparan-paran lunta bari euweuh anu dituju. Ngahaja ngarah teu katingali jalma anu lar sup ka imah tua kampung anu keur narima pambagian sembako ti pamarentah, peuntaseun imahna.

“Ya Allah kedah kamana abdi angkat?”, Mang Ase mundut pituduh ka Gusti Allah, Pangeran anu murbeng ieu alam. Reg Mang Ase ngarandeg, di hiji buruan imah panggung anu katingali reyod meh runtuh diteureuy jaman. “Har… naha gening kadieu?”, gerentes manahna, bari uluk salam muru imah sobatna. Taya jawaban… panasaran, kulutrak panto disurungkeun, gening teu ditulakan. Lalaunan kalacat Mang Ase nincak palupuh anu barolong rada gudawang,   ret ka kenca ret ka katuhu, taya sasaha.

“Man…Darman?”,  Sababaraha wangsulan  Mang Ase nyelukan nu jadi sobatna. Taya nu ngawalon… Cepilna di dungdak – dengdek kareungeu aya anu humarurung  ti enggon. “Darman…!”,  satengah ngagorowok Mang Ase, nyingkabkeun hordeng lawang ka enggon sobatna.  Katingali Mang Darman nu jadi sobat Mang Ase, humarurung di juru enggon bari di harudum sarung.

“Man… kunaon Man?”, gabrug Mang Ase ngagabrug Mang Darman anu di harudum. Teu lami korejat, Mang Ase ngejat, sanajan tacan aya waleran ti Mang Darman. “Hitut maneh Man?”, taros Mang Ase bari kukulutus tur nyurungkeun awak  Mang Darman sobat dalitna. Katingali awak Mang Darman rangkebong, pameunteu pias, leuleus lungse tur teu walakaya. “Enya  Se, walon Mang Darman, bari mukakeun sarung anu nutupan awakna. “Keur tarapi Se, Cenah mun irung masih keneh bisa  ngambeu, berarti urang masih sehat, henteu covid Se ”, Mang Darman ngajelaskeun ka Mang Ase anu olohok bari nutup irung.

“Gusti… naha ilaing henteu ka Puskesmas Man?”, Mang Ase naros bari ngaragap tarang Mang Darman anu karasa panas. Sieun cenah, pokna bisi di covid-keun dina kaayaan jaman panggebug kieu mah. Mang Ase ngahuleng, tuluy satengah maksa ngajak sobatna muru Puskesmas pikeun  uubar, nambaan kasakitna muriang anu ampir saminggu. Rada hemar hemir, ngajak Mang Darman teh, rumasa boga duit gegeletekan dina saku calana ngan aya sapuluh rebu, bari geus di ancokeun keur meser lauk asin pikeun anak bojona.  Lahaola Mang Darman ditaekeun kana ojeg  muru Puskesmas.   Alhamdulillah saatosna diparios kumantri di Puskesmas, pameunteu Mang Darman marahmay bear, singhoreng  gening sanes covid, tapi muriang biasa alatan kahujanan basa mopok galeng di sawah Haji Uje.

Beres nganteur sobatna ka Puskesmas, Mang Ase langsung mulang ka imahna. Hatena  kébék ku kabingung ngaraos isin ka bojona can bisa nyumponan pangabutuh  sapopoé di imahna. Tapi ras inget ka si jalu anak samata wayangna anu kudu balajar sacara daring ti imahna, Mang Ase maksakeun mulang muru ka imah. Kulutrak panto dibukakeun bari uluk salam ka bojona. “Bapak… pak!”, kadieu… kadangu bojo Mang Ase nyauran tipawon, suwantena dumareuda tuluy nyegruk ceurik. “Alhamdulillah tadi aya Pak Haji Rosid ngajajapkeun ieu, sanes nampik rejeki ti Allah saurna, tapi henteu pas sasaran”, pokna bari nunjuk sembako nu aya di pawon, beas sakarung alit, sareng kantong palastik anu rada mucekil eusina.

Segruk Mang Ase nyegruk bari muji syukur ka Allah SWT, teu hilap ngucap istigfar tos kaliru, ngamajarkeun hirup teu adil basa neuteup jalma nu lalar liwat meunang sembako pambagian ti pamarentah. “ Ya Allah… rumaos abdi lepat, Astagfirullohhaladziem…!”, paungku-ungku Mang Ase sareng bojona. Mang Ase ngarasa yakin janji Allah mah pasti, moal lunca- linci luncat mulang udar tina tali gadang.

Banyuresmi, Ahad, 21 Feb 2021.

CV Penulis :

Penulis adalah Guru SDN 3  Banyuresmi Kabupaten Garut

Koordinator Reporter GrahaBigNews Kecamatan Banyuresmi

Penyusun Buku  Pembelajaran untuk PAUD dan TK

Bingung Ingin Kuliah yang Berkualitas? Klik aja Link di bawah ini !!!

http://pmb.fteknikuniga.ac.id


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *