JODO
Carpon Ku : LilisYuliati, S.Pd., M.Pd.
Halodo ka sorenakeun langit bengras taya aling-aling matak betah anu nempo. Kapinis maceuh di surakan ku tonggeret anu ngelak siga nangtang langit, motah ngabageakeun sariak layung anu nyumput ngintip dina tonggong gunung Karang. Diusapan ku angin leutik ngadalingding nebak ros beureum nu meujeuhna mangakak di jero taman, pating kulisik oyag-oyagan siga nu ngalonyeng ngaheureuyan kukupu anu eunteup dina kadaka tanduk rusa. Ber hiber deui siga anu kagareuwahkeun ku juringkangna lengkah anu datang. Uluk salam, ret ka kenca ret ka katuhu.
“Assalamu’alaikum…”, luha loho, susuganan aya pribumi anu ngawaler salamna. “Wa’alaikumsalam…”, tembal pribumi, bari cengkat ngabageakeun tatamu. “Aih gening aya di buruan Nong?”, sitamu siga nu kaget, bari malik ngudag sowara halimpu nu aya di beh katuhu. Ret teuteup paamprok, di bageakeun imut manis ngagelenyu. Olohok ngembang kadu neuteup nu geulis. “Nuju ngebon gening?”, Ceuk tamu naros nu geulis anu nuju nyepeng kored. “Nuju ngarintahkeun kuping gajah Ka, mungpung nuju nyalse, mangga atuh kalebet Ka Dadang!”, wanoja nu di sebat Nong ngahiap ngangken tamu muru tepas, seja muka panto anu kabumi.
“Sawios Nong, didieu wae”, saur jajaka anu wastana Dadang bari gek calik dina korsi hoe anu aya di tepas. Saparantosna nyuguhan cai sareng kulub mantang, gek Nong Uyu calik papayun-payun sareng Jang Dadang. Silih teuteup silih reret taya kécap anu kaluar digunemkeun ku duaan. Boh Jang Dadang atanapi Nong Uyu pada-pada jongjong galecok na manahna masing-masing. Ngan sasakali silih reret dina amprok teuteup anu siga di paksakeun. Ma’lum atuh da Nong Uyu mah ngan saukur ngahormat anu janten tamu, sanaos na manahna ngaraos teu sapagodos sareng Dadang. Asa kapaksa kudu leuwih deukeut sareng Dadang teh.
Deukeut anu di paksa ku sepuhna, sangkan tiasa ngabangbalerkeun manah anu nuju raheut, alatan duriat anu kapegat restu ti sepuh kikindeuwanana. Papacangan 4 taun salami mangsa nyungsi elmu di paguron luhur kedah ngalaman “back stret”, alatan Dudi tos di jodokeun ku sepuhna di Sumedang. Nalangsa kacida kedah ngarandapan hal sapertos kitu, peurih asa katalangsara, lir ibarat di gerihan ku hinis, nalika mendak wartos Dudi bade ngadahup sareng Reni pilihan sepuhna dina sasih ieu. Teu tiasa di bangbalerkeun gering nangtung ngalanglayung, Dudi kapiraray wae, asa ucang-ucangan dina kongkolak panon.
Panon batin anu rajet seseleket hoyong pendak sareng Dudi, tapi naha gening anu di anti-anti bet henteu embol-embol teu katingali kolebat-kolebatna acan. Kalahkah Dadang anu sumping nepangan anjeuna. Ret deui Nong Uyu neuteup Dadang anu calik payuneun anjeuna. Pok Jang Dadang nyangem, “Nong… Kaka tos pesen karcis kareta kanggo ka Rangkas enjing”, Dadang muka carita bari neuteup Nong Uyu anu anteng nyo’o tungtung raksukanna. Ngajenghok Nong Uyu ngadangu cariosan Dadang teh. Kapaksa kedah nedunan kahoyong sepuhna Dadang anu aya niat ngajodokeun Dadang sareng Uyu nu janten kapiraina. Sajongjonan Nong Uyu, colohok teu lemek teu nyarek kana paniatan Dadang seja miang ka Rangkasbitung teh, da puguh tos di rencanakeun ti anggalna. Pasini dua kulawarga seja ngaraketkeun duduluran, susuganan aya restu ti Nu Maha Suci, Nong Uyu sareng Dadang aya jodo tiasa ngadahup. Karunya cenah ningali Uyu nguluwut. Nyeri ku lalaki obatna lalaki deui, sepuh Uyu sareng Dadang badanten alatan ningali kaakraban palaputrana. “InsyaAllah angkat satengah dalapan enjing”, Dadang nerangkeun.
Jam genep opat lima, Dadang sareng Uyu tos dugi ka Tamansari. Ngahaja rada nyubuh seja balanja heula, aya anu bade di peser di pasar pagi Tamansari. Sate bandeng, ketan bintul sareng leumeung kaseneng uwana nyaeta sepeuhna Dadang. Rengse balanja, Dadang sareng Nong Uyu gura-giru muru statsiun kareta api di Cimuncang gedengeun pasar pagi Tamansari. “Hapunten Kaka Nong, rada maksa ngajak ka Rangkas!”, Dadang muka carita, surti kana manah Nong Uyu anu alum tur nguluwut. Dadang paham kana naon anu janten emutan Nong Uyu, da ari kedah di jelaskeun mah, pada-pada paham kana hate masing-masing. Katresna Nong Uyu sanes kanggo Dadang, anapon sabalikna katresna Dadang sanes kanggo Nong Uyu, aya wanoja anu tos nyangcang hate Dadang, Eulis anu janten kakasihna. Kakasih ati anu parantos matri dina ati sanubari Dadang.
Dadang noel panangan Uyu, masihan kode lamun kareta tos dongkap. Saatosna merenah caralik dina kareta , teu kantos lami kareta maju muru Rangkas. Ngaguruh sowara mesin henteu sanggup ngageuing lamunan Nong Uyu anu anteng jeung lelembutanna. Dadang mung tiasa saukur neuteup Uyu nu janten kapiraina. Aya rasa dosa, teu tega ningali Nong Uyu siga kitu. Nutup diri henteu bear sapertos harita, ngawangkong silih tamplokkeun pangalaman, silih eledan, silih ledekan seuseurian reujeung dua’an siga barudak leutik, ocon heureuy sempal guyon. Ma’lum Nong Uyu sareng Dadang sobat ti bubudak. Mung hanjakal kaayaan robih, ti kawit Dudi mutuskeun bade jatukrami sareng Reni, wanoja salembur anu di jodokeun ku sepuhna Dudi. “Nong tos dugi Walantaka, teu kenging ngalamun wae atuh, pamali”, Dadang ngageuing lamunan Nong Uyu anu ngan saukur ngawalon ku imut anu semu di paksakeun. “Kaka mung tiasa ngado’a mugia aya kaajaiban anu noel manahna Dudi miwah sepuhna, babalik pikir enggal ngalamar Enong!”, Dadang ngabeberah manah Nong Uyu anu carinakdak nahan kapeurih manah anu rajet.
Rajet ku kanyeri alatan mendak wartos dinten ieu Dudi janten ngadahup sareng Reni. Teu karaos cai soca nu geulis ngalembereh mapay pipi. Ngaleor lir ibarat kareta anu meh dugi ka Cikeusal, nalika kring sora hp didasa teu di palire, Nong Uyu neuteup ka luar jandela. “Angkat Nong, bilih ti Abah sareng Ibu di Unyur!”, Dadang ngemutan Nong Uyu, anu masih anteng sareng lamunana. “Angkat geulis!”, sakali deui Dadang nyangem. Teu talangke kusiwel hp di kaluarkeun tina saku kantong. Rada murukusunu saolah ngaraos di paksa, teras neuteup hp sajongjongan, katingali manehna ngagebeg raray pucat ngadadak siga teu aya getihan, rumpang – reumpeung bari haroshos, “Ti A Dudi, Ka”, pokna bari neuteup Dadang. “Angkat Nong, angkat!”, Dadang neuteup semu marentah Nong Uyu.
Nong Uyu neuteup males ka Dadang, bari nyepeng Hp anu teras disada. Dadang unggeuk masihan kode ka Uyu kanggo ngangkat Hp. “Hallo… Assalamu’alaikum…”, Nong Uyu muka obrolan dina telepon. Sorana dumareuda, duka naon anu janten obrolan antawis Dudi sareng anjeuna. Katawis cai soca Nong Uyu murubut maseuhan pipi. Teras nyegruk bari nyu’uh, teu kaampeu nahan rasa anu ngaguruh dina jero dadana. “Kunaon Nong?”, Dadang naros ka Nong Uyu, pinuh ku rasa hariwang tur salempang. Sajongjongan Nong Uyu nyegruk teu tiasa ngawaler pertarosan Dadang. “Kunaon geulis sok nyangem ka Kaka!”, penta Dadang bari nyengkatkeun Nong Uyu anu nyu’uh dina korsi kareta. “Kaka…”, sora Nong Uyu, sisimekeun bari cengkat neuteup ka Dadang anu olohok teu ngartos naon anu tos di obrolkeun nembe. “A Dudi, ka…”,pokna deui bari ngusap cai soca anu hantem murubut teu eureun. Katingali Nong Uyu neger-neger diri, siga nu ngempelkeun pangacian anu meh hiber ku beja anu nembe di tampi.
Derekdek Nong Uyu, ngadugikeun beja anu nembe di tampi Ka Dadang. Obrolan antawis anjeuna sareng Dudi. ”Alhamdulillah Ya Allah…”, Dadang muji syukur ka Allah SWT, anu parantos maparin habar ka Nong Uyu. Pameunteuna marahmay bear, neuteup Uyu anu lungguh gedengeunana. Tapi katawis guligah, ningalikeun foto Dudi dina hp sareng sepuhna sakulawargi anu nuju istirahat di Km 25 Cikampek, bade ka Serang-keun. Seja nepangan sepuh Neng Uyu, ngalamar susuganan kersa di jantenkeun garwa ku Dudi. Singhoreng Dudi teu janten ngadahup ka Reni, alatan Reni ngabolaykeun di pihukum ku Dudi, nolak di jodokeun ku sepuhna alatan alim nganyerikeun ka Nong Uyu, anu tos lami janten bebene Dudi. “Sami papada istri mamah apa, kalintang nyerina upami eta karandapan ku diri abdi”, Reni ngawantunkeun diri nyangem ka sepuhna, waktos sepuh Dudi dongkap ka ibu ramana Reni. Alhamdulillah sepuh Reni sareng sepuh Dudi nampi kana putusan eta. Plong bumi alam asa bengras taya kabeurat karaos hampang tur lega , sapertos kareta anu lowong alatan ngalungsurkeun panumpang di statsiun Catang.
Jut Dadang sareng Nong Uyu lalungsur di statsiun Catang, teu janten muru Rangkas nepangan sepuh Dadang. Anu parantos di telepon di bejerbeaskeun ku Dadang lalakon anu parantos di randapan. Alhamdulillah sepuhna nampi, sareng ngaraos bingah alatan Nong Uyu bakal janten di pihukum ku Dudi. Jajaka anu tos meungkeut rasa deudeuh katresna Nong Uyu. Gura-giru katingali patuyun-tuyun Dadang sareng Neng Uyu kaluar ti statsiun, muru elf anu ka Serang nakeun. Dadang imut pinuh ku rasa syukur, neuteup Nong Uyu kapiraina anu katingali hegar deui, marahmay berag sapertos kapungkur. “Hatur nuhun Ka, Kaka parantos ngartos ka diri Uyu, kersa ngarencangan sanes kantena”, Nong Uyu nganuhunkeun ka Dadang, bari imut neuteup ku sieupna. Katingali ogo deui, basa montel panangan seja naek elf muru ka Serang. Manahna guligah bade nyambut ngabageakeun Dudi anu janten kakasih ati.
Banyuresmi, 19 April 2020