Takdir

Share posting

Carpon :Lilis Yuliati,S.Pd.,M.Pd.

Ilustrasi-popbela.com

Hujan leutik ngaririncik maseuhan kacapiring sisi taman di beh kulon. Oyag-oyagan dauna katebak angin, nyambuangkeun seungitna meleber, seseleket nyuaykeun hordeng anu nutupan jandela ka enggon. Sababaraha kali di seuseup seungitna, narik ambekan bari nutup soca, galecok na manah Nyi Icih muji syukur ka Pangeran masih dipasihan ngaraos nikmatna narik ambekan, nyeuseup hawa seger, sanajan kakara menyat katarajang muriang ampir saminggu.

Karaos awakna lungse taya tangan pangawasa, lir kapas kaibunan. Lalanjung leumpang asa rarampeolan, soca ranyay lir ibarat di baturan mangrebu cika-cika anu buricak burinong, leneng mastaka abot, asa teu kaampeu. Bumi alam asa tungkeb, poek sapada harita. Bruk… Nyi Icih kapiuhan, ngalungsar sisi dipan, di teras imahna.

“Nyai… Nyai gugah geulis!”, Bari ramisak tur rumpang reumpeung, Bi Ijoh ngaguyah-guyah nu janten putrana. Gap kana minyak kolonyo, di balurkeun kana taar tur palipis Nyi Icih nu teu walakaya. Angger ngalempreh kapiuhan teu sadar-sadar. Teras kana pangambung Nyi Icih minyak kolonyo di antelkeun ku Bi Ijoh, susuganan kaangseu, si Nyai enggal sadar, pikirna. Segruk Bi Ijoh nangis balilihan bari ngagulang-gaper Nyi Icih. “Gusti palangsiang punanak  katarajang corona, gening teu tiasa ngambeu!!”, pikir Bi Ijoh, emut kana panyuluhan pamarentah dina TV, cenah ciri-ciri anu keuna virus corona teh pangambung teu tiasa ngambeu babauan.  “Baid… Allah huma baid!”, Bi Ijoh ruwah riwih bari galecok pinuh ku kasieun. ” Tulung… Apana tulung!”, Bi Ijoh ngagentraan anu janten carogena.

“Sumuhun parantos saminggon, Pak mantri”, Mang Eden ramana Nyi Icih ngajelaskeun ka Pa Mantri anu di angkir ka bumina. “Ngemutan naon Nyi?”, Mantri Udin naros Nyi Icih anu ngalempreh teu walakaya. “Henteu… “, waler Nyi Icih alon, meh teu kadangu. Muter pipikiran Nyi Icih, ngaenyakeun naon anu di sangemkeun  pa mantri nembe. Rek teu janten emutan kumaha, Jang Ohim nu janten bebene ati jalir tina janji,  lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, janji sasih rajab bade sumping nyuhungkeun anjeuna ka sepuhna, sing horeng mung sakedar  janji anu taya bukurusdina. Sasih rajab tos kalangkung ampir samingon. Nu karandapan kalah wiwirang di kolong catang ninggalkeun hate anu gudawang, uleng Nyi Icih ngalamun. “Teu kenging ngalamun sareng seueur emutan, kulemkeun, seueurkeun istigfar bari leleson Nyi!”, mantri Udin nyangem deui, ngagareuwahkeun Nyi Icih anu juuh caimata, bari nyodorkeun sababara landong piubareun Nyi Icih.

“Piubareun anu ces pleng mah ieu Nyi!”, Jang Damad, raka Nyi Icih norojol ti pawon, bari nyolongkrong nyodorkeun  amplop pulas jambon ka raina anu olohok mata simeuteun, teu kahartos naon maksad nu janten rakana. “Sok gera aos, ilo anu leres!”, Jang Damad mesem neuteup raina, nu katingali semu bingung. “Mangga Nyi, ti Jang Ohim, nembe aya bapa pos kadieu!”, ceuk Jang Damad, bari ngaleos ninggalkeun raina anu semu ngagebeg, ngadangu nami Jang Ohim di sebut teh. Katawis pameunteuna marahmay bear. Teu talangke amplop di soehkeun ku Nyi Icih, semu ngadaregdeg siga lilinieun, kesang ngadadak luut leet ngagarajag dina sakujur awak. Tara kikieuan atuh, susuratan siga barudak ngora, pikir Nyi Icih. Teras eta serat di aos bari teu hilap maca bismillah.

“Bismillahi rohmannirrohim, Nyi Icih ngawitan maca eta serat. Tapi teu kebat ngarandeg, katingali cai soca ngeyembeng, tug ngalembereh dina pameunteuna. Teu kaampeu, Nyi icih nyegruk nangis balilihan. “Akang hapunten abdi”, pok na bari nangkeup eta serat, anu tos di ilo sababaraha wangsulan. Rabul sepuhna Nyi Icih bari hariweus-weus naros si Nyai anu nyegruk nangis,  gabrug nangkeup bi Ijoh nu janten sepuhna.  “Aya naon geulis? Mang Eden ramana Nyi Icih naros bari ngusapan putrana anu masih nangkeup ibuna. Solongkrong si Nyai masihkeun  serat ti Jang Ohim ka ramana.

Teras serat di baca ku Mang Eden, “Astagfirullah Astagfirullah …!’, Mang Eden Istigfar sababaraha kali, bari  nyacapkeun maos eta serat ti Jang Ohim. Singhoreng… sanes jalir tina janji anu parantos diucapkeun, kulawargi Jang Ohim kamusibahan, bumina dirampog anu ngaakibatkeun sepuhna tiwas ngantunkeun sapadaharita dirogahala, di telasan ku rampog. Ari Jang Ohim, ngalaman tatu parna   dina awakna alatan ngalawan, seja nyalametkeun nu janten sepuhna.

“Innalilahiwainailaihi rojiun…”,  Mang Eden, nutup serat bari neuteup nu janten putrana. “Sing sabar geulis… hayu urang angkat, ngalayad Jang Ohim dirumah sakit”, saur Mang Eden ngahayukeun  ka putra sareng ka garwana anu nuju paungku-ungku nangis. Salami  di perjalanan, taya anu wantun cumarios, dina manahna masing-masing galecok ngemutan musibah anu karandapan ku Jang Ohim. Jahatna rampog anu biadab, taya rasrasan kamanusaan, kitu deui kana takdir anu parantos di  gariskeun ku AllahSWT.   Manusa mung sakedar kagungan kahoyong, nanging Allah parantos nangtoskeun sanes kantena. Jodo pati, bagja cilaka anging Allah anu  uninga.

Minggu, Banyuresmi, 7 Maret 21

 

CV Penulis :

–       Penulis adalah Guru di SDN 3 Banyuresmi Kabupaten Garut.

–       Koordinator Reporter GrahaBigNews untuk wilayah Kecamatan Banyuresmi.

–       Penyusun buku pembelajaran untuk Paud dan TK.

 

 


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *