Duriat Katungkul Ku Pati

Share posting

Carpon Minggu Ieu  Lilis Yuliati, S.Pd., M.Pd.


pop.grid.id

Angin leutik ngahiliwir ngusapan pameunteu anu baseuh ku cai wudhu, karaos pisan nyelecep meungkeut awak ku tiisna. Gura-giru kalacat naek ka tepas muru tajug di beh wetan, seja milampah  sholat subuh, inggis kakantun bajamaah ku Mamah miwah Apa. Asa tumaninah tiasa sholat sasarengan, bari ngajarkeun si jalu sholat awal waktu.

Sabada sholat subuh, ngahuleng ngaraga meneng, nyarande nyampaikeun katineung ngalungsar dina bangbarung. Neuteup keclakna cai hujan sesa janari anu ragrag hiji -hiji, ngeclak kana kamalir nu meh koredas caina ka irig ku ci leuncang. Asa tebih panineungan rus ras kana lalampahan nu tos kasorang waktos kapengker nembongan hiji-hiji, ngeleketek lelembutan nu meh buyar ku kareuwas.

“Aya titipan serat ti Den Ahmad, Neng”, sabada balik ti bale, bi Inah ngulutrak mukakeun panto, pananganna nyolongkrong nyodorkeun surat. “Hapunten Ibi kumawantun”, pokna deui bari ngoloyong muru pawon, seja nirun seuneu pikeun naheur cai reujeung nyangu. Ceuleumeut teu narik teu nakon kana naon anu dikedalkeun ku bi Inah. Ngan saukur tiasa neuteup serat anu aya dina panangan.

Di teuteup serat bulak-balik, panangan ngadaregdeg ngadadak lilinieun bari teu kebat nyoekkeun sisi amplop. Ngagarajag dumadakan kesang luut leet maseuhan saawak-awak. Ngaraos soak, sapuluh taun, tipepereket miceun ngaran Ahmad tina kahirupan anu dirandapan. Ngageter maksakeun, ngawantun-wantun diri sanaos peurih karaosna. Di ilo sababaraha wangsulan serat ti Cep Ahmad.

Assalamu’alaikum…

Mugi Enung aya dina kasalametan tur panantayungan Allah Gusti Nu Maha Suci. Hapunten akang  anu parantos tambelar. Hoyong siga kapungkur tiasa sasarengan, sumujud tengah wengi ka Illahi Robbi, ngobrol ngeusian simpena peuting jeung janari, hirup sasarengan dina rumah tangga anu sakinah.

Nyondong harepan mamanawian kapayun tiasa kempel ngariung mungpulung sasarengan deui. InsyaAllah akang sumping, mundut sihapunten kana sanes kanten kaluluputan anu parantos di pilampah ku akang, anu parantos neungteuingannan ka Enung. Cukup luhung jembar pangampura, mugia enung ngahapunten.

Akang ngaraos tambih bangga sareng reueus ningal enung  nu teras sumangat pantang mundur  sareng  tak kenal lelah teras bajuang.

Ti Akang  nu teras nyawang ti katebihan, Ahmad.

Teu kaampeu… ci soca murubut maseuhen pameunteu, katembong kumaha nyeri sareng karaos peurihna lalakon wanci harita.”Nung,  hapunten Akang teu tiasa walakaya, taya tangan pangawasa, kedah mungpang kahoyong Ama sareng Ambu”. Dumareda Jang Ahmad, neuteup pameunteu Neng Risma nujanten garwana. Nu nyegruk nangis nyumputkeun pameunteu dina bantal, nahan kapeurih jeung kanyeri, anu taya wates wangena.

Duriat di pegatkeun ku mitoha,  alatan sapuluh taun rumah tangga acan di paparin Turunan. Peurih lir ibarat di gerihan ku hinis. Jadi sabiwir hiji mun Neng Risma gabung moal kagungan turunan anu tiasa di banggakeun ka mitoha atanapi caroge.

Dina simpena janari wanci harita, Cep Ahmad lunta indit ti imah ninggalkeun Neng Risma, jeung sacewir surat talak dina combrekna hawa  anu camewek tiis, di papaes ku jangkrik anu ngajerit, gaang anu ngoceak kawas surti kana katunggaraan tur kapeurih Neng Risma.

Tilu dinten saatosna Cep Ahmad lunta miang ka Kalimantan sakulawarga, katawis Neng Risma pias, begang rangkebong, katawis taya harepan pikeun neraskeun hirup, asa taya hartina, kedah nyorang kahirupan taya anu dipikacinta, bebene hate  anu dipikacinta siang wengi, ninggalkeun diri pikeun sepuhna anu di pihormat.

Ngalangeu dina bangbarung, tebih panineungan bari nangkeup harigu. Cai soca merebey taya rirenna. “Istigfar Nung…! Mamah muyarkeun lamunan bari neuteup anteb kaputra samata wayang anu nuju tunggara… “Mamah… dumareuda Neng Risma nyegrug kana lahunan ibuna… les… Neng Risma kapiuhan.

“Alhamdulillah… tos tilu minggon”, dokter Mida, nyolongkrong nyodorkeun panangan ka Neng Risma. “Neng nuju ngandeg”,  pokna deui bari masihkeun sacewir  kertas kanggo nyandak  landong di apotek ka Neng Risma.

Muji syukur  Ka Mantena, Neng Risma paungku-ungku sareng sepuhna, Mamah sareng Apa nangkeup pinuh ku kabagjaan, sanaos dina manahna sewang-sewangan asa di gerihan ku hinis, ngandeg bari taya rama siutun inji.

Tiwanci  harita teu aya habar ti Ahmad, tug dugi ka sijalu yuswa salapan taun. Kantos sawangsulan Ahmad mulang, anjeuna olohok  mata simeuteun, neuteup Neng Risma sareng nujanten putrana. Hanjakal taya lolongkrang ti Neng Risma kanggo nampi Ahmad, sanaos duriat kanggo Ahmad masih nyantel.

“Cep Ahmad sumping Neng”, Bi Inah neuteup Neng Risma, anu murubut cai soca. Hujan cai mata maseuhan pileumpangeun Neng Risma jeung si Jalu, anu mapah oleng jajap Cep Ahmad, nu parantos ngantunkeun kanggo salamina.

“Hapunten Ama sareng Ambu Neng, parantos megatkeun duriat Neng sareng Ahmad”,  sepuh Ahmad nyegruk bari nangkeup Risma sareng putrana. Duriat katungkul ku pati, ngajajapkeun Ahmad katempat istirahat panungtungan.

 

 

Banyuresmi, 8 Maret 2020.


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *