Ajѐn Demokrasi dina Budaya Sunda

Share posting

Ditulis ku: Nuni Nurbayani, M. Pd. I. (Anggota KPU Garut)

Nuni Nurbayani, M. Pd. I. (Anggota KPU Garut)- foto istimewa

(Ditulis dina raraga miѐling Basa Indung Inernasional, 21 Februari 2021)

Dѐmokrasi salaku sistem nu dipakѐ ku utamana nagara di dunya, ngabogaan ajѐn anu linuhung. Ajѐn ieu saѐstuna geus jadi prinsip hirup dina kaarifan budaya sunda. Mun ditalungtik loba pisan irisan sikep urang sunda anu kukuh pengkuh kana ajaran adat sunda anu patali jeung ajѐn dѐmokrasi. Dina Basa sunda aya paribasa, “Kudu nyanghulu ka hukum, nunjang ka nagara, mupakat ka balarѐa”. Anu hartina kurang leuwih, kudu tumut kanu aturan hukum, nagara jeung katangtuan masyarakat. Hal ieu sapamadegan jeung prinsip demokrasi anu disebutkeun ku International Commission of Jurists ngenaan ciri pamarentah demokrasi nyaeta ringkak paripolahna kudu dumasar kanu rule of law (aturan hukum).

Ajѐn demokrasi anu aya di budaya sunda kiwari masih keneh dijadikeun dasar kahirupan ku sabagian urang sunda. Ngan, memang ku nyѐrѐlѐkna waktu, gantina jaman, praktѐk demokrasi ieu mimiti la’as kusabab dina atikan di sakola basa sunda ngan saukur jadi muatan lokal henteu dijadikeun mata pelajaran nu utama. Hal ieu ngajadikeun basa sunda kurang wibawa. Komo dina mangsa pandemi Covid-19 dimana pangajaran dilakukeun ku cara online, mata pelajaran ieu ngan saukur ngalengkepan. Mun nitenan budak nu sakola daring (dalam jaringan) bisa ka ijir dina sasemester pangajaran basa sunda ngan saukur dua kali. Pantes mun keur generasi Z jeung saterusna mah, teu pati wanoh ka Basa sunda tѐh. Sabagian generasi kiwari ngomong sunda teh ngarasa gengsi, ѐra, kawiwirangan.

Ajen Demokrasi di Indonesia

Ajѐn Demokrasi di Indonѐsia mangrupakeung turunan ti ajѐn Dѐmokrasi Pancasila. Hakekatna rumusan demokrasi Pancasila aya dina sila kaopat Pancasila, nyaeta Kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan/perwakilan. Rumusan eta mangrupakeun rangkaian totalitas anu pakait jeung sila lainna dina Pancasila. Hal ieu saluyu jeung anu diungkapkeun Notonegoro dinu tulisanna yѐn Dѐmokrasi Pancasila nyaѐta kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan/ perwakilan yang ber-Ketuhanan Yang Maha Esa, yang berperikemanusiaan yang adil dan beradab, yang mempersatukan Indonesia, dan yang berkeadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia.

Ahmad Sanusi  ngajentrѐkeun aya 10 pilar demokrasi konstitusional Indonesia dumasar Pancasila dan Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945, nyaѐta: Demokrasi yang Berketuhanan Yang Maha Esa. Sistem jeung perilaku dinu kahirupan kanegaraan Republik Indonesia kudu taat asas, konsisten, atawa saluyu jeung ajen dasar Ketuhanan Yang Maha Esa.

 Demokrasi jeung kacerdasan. Ngatur kahirupan demokrasi anu dumasar Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945 eta lain ku kakuatan naluri, otot, atawa kakuatan massa. Praktek dѐmokrasi justru lewih nuntut kacerdasan rohaniah, kacerdasan intelektual, kacerdasan rasional, jeung kacerdasan emosional.

 Demokrasi nu dumasar kadaulatan rakyat. Kakawasaan anu pang luhurna aya dina lengeun rahayat. Saluyu jeung prinsip, rakyat anu mibanda kadaulatan eta. Dinu batas-batas kadaulatan rakyat itu dipercayakeun ka wakil-wakil rakyat di MPR (DPR/DPD) jeung DPRD.

 Demokrasi jeung rule of law. Hal ieu ngabogaan opat makna. Kakawasaan nagara Republik Indonesia kudu saluyu jeung kabeneran hukum, lain demokrasi ugal-ugalan, demokrasi dagelan, atawa demokrasi manipulatif. Kakawasaan nagara ngajamin kaadilan hukum. Kakawasaan nagara ngajamin kapastian hukum. Kakawasaan nagara ngembangkeun manfaat atawa kapentingan hukum.

 Demokrasi jeung pamisahan kakawasaan nagara.  Demokrasi nu dumasar Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945 lain wungkul ngaku kakawasaan nagara Republik Indonesia anu teu aya batas secara hukum, tapi oge demokrasi eta dikuatkeun ku pembagian kekuasaan negara nu diserahkeun ka badan-badan nagara nu ngabugaan tanggung jawab.

 Demokrasi jeung hak asasi manusa. Demokrasi anu dumasar ka Undang-Undang Dasar Nagara Republik Indonesia Tahun 1945 nyepeng prinsip hak asasi manusa anu tujuanna lain ngan ngahormat hak-hak asasi manusa, tapi ngaronjatkeun martabat jeung darajat manusa seutuhna.

 Demokrasi jeung pengadilan anu merdeka. Demokrasi anu dumasar kanu Undang-Undang Dasar Nagara Rѐpublik Indonesia Tahun 1945 nyepeng prinsip sistem pengadilan anu merdeka (independen), mѐre lolongkrang ka sakumna anu mibanda kapentingan keur ngalaksanakeun hukum anu saadil-adilna. Di muka pengadilan anu merdeka nu ngagugat jeung pengacarana, panuntut umum, terdakwa jeung pengacarana ngabogaan hak nu sarua keur ngajukeun konsideran (pertimbangan), dalil-dalil, fakta-fakta, saksi, alat pembuktian, jeung petitumna.

 Demokrasi jeung otonomi daerah. Otonomi daerah mangrupakeun batas kakawasaan nagara, khususna kakawasaan legislatif jeung eksekutif di tingkat pusat, jeung lewih khusus deui batas kakawasaan presiden. Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945 jelas marentahkeun ngabentuk daerah-daerah otonom di provinsi jeung kabupaten/kota. Ku aturan pamarѐntah, daѐrah-daѐrah otonom eta diwangun jeung disiapkeun pikeun mampu ngatur jeung ngalaksanakeun urusan-urusan pamarѐntahan jadi urusan rumah tanggana sorangan anu diserahkeun pamarѐntah pusat ka pamarѐntah daerah.

 Demokrasi jeug kamakmuran. Demokrasi eta lain wungkul soal kebebasan jeung hak, kawajiban jeung tanggung jawab, lain wungkul ngaorganisir kadaulatan rakyat atawa pembagian kakawasaan nagara. Demokrasi eta lain wungkul soal otonomi daerah jeung kaadilan hukum. Demokrasi nu dumasar Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945 ѐta ditujukeun keut ngawangun nagara kemakmuran rakyat Indonesia.

 Demokrasi anu mibanda prinsip kaadilan sosial. Roland Inglehart yakin yen kultur demokrasi patali jeung sikep silih percaya (interpersonal trust) antar warga negara anu jadi kayakinan jadi dorongan anu kuat ka arah demokrasi (Syadzily, 2003). Kukituna, elemen penting dina budaya demokratis, nyaѐta sikep terbuka, kabebasan, kasetaraan jeung kaadilan, sarta tanggung jawab sosial.

Ajѐn Demokrasi nu Patali Jeung Ajѐn Budaya Sunda

Dicukcruk tina artikel anu ditulis ku Iyep Candra Hermawan, Suryani (2011: 117-118) ngungkapkeun, hubungan antara manusa jeung manusa dina budaya Sunda dumasar kana ideologi atawa sikep “silih asah, silih asih, jeung silih asuh”. Anu hartina ngagambarkeun pakaitna hubungan antara manusa dina masyarakat kudu hirup silih asah, silih asuh.

Masih ceuk Iyep, patali jeung ajѐn demokrasi di Indonesia anu dumasar kanu demokrasi Pancasila, aya paribasa anu nunjukkeun pakaitna ajѐn demokrasi jeung ajѐn budaya sunda,. Paribasa ieu nunjukkeun ajѐn anu aya dina kahirupan urang sunda, nyaeta: Kawas gula jeung peueut. Hartina, kudu hirup rukun, silih asih, ulah pasѐa, kudu ngahargaan jeung ngahormat ka sasama. Kusabab kitu, sikep dina pergaulan di masyarakat kudu sadar jeung paham kanu maksud jeung tujuan kahirupan. Henteu kabawa ku sakaba-kaba tapi kudu pageuh kana prinsip ajѐn anu bener tur jujur.

 Tong marebutkeun paisan kosong. Hartina ulah pasea atau adu-argumentasi teu jelas arah anu dipaseakeun. Ngobrol jeung musyawarah kudu aya maknana, ngandung maksud jeung tujuan anu jelas. Dina hirup jeung tatangga oge di masyarakat kudu ngajaga kapribadian, identitas diri, henteu silih gorengkeun komo nyebarkeun aib. Anu dina paribasa sunda mah disebut, “ulah ngaliarkeun taleus ateul”.

Paribasa nu lain anu patali jeung kahirupan demokrasi dimana demokrasi Pancasila di Indonesia ngautamakeun gotong royong. Hal ieu dina babasan sunda ditunjukkeun ku ungkapan “hirup sauyunan” anu hartina  hirup kudu babarengan. Babasan lainna nyaѐta dina hirup babarengan urang kudu “Sareundeuk saigel, sabobot sapihanean. Ka cai jadi salewi ka darat jadi salebak”. Hartina nunjukkeun sikep anu bisa digawѐ babarengan kalayan kompak jeung harmonis.

Patali dina hubungan manusa jeung nagara yѐn manusa salaku warga nagara mangrupakeun unsur nu utama pikeun kahirupan nagara dimana manusa kudu tunduk tur manut kana hukum anu aya. Manusa kudu ngajunjung luhur-luhur hukum jeung peraturan. Saluyu jeung hal ieu Suryani (2011: 119) ngungkapkeun yѐn hubungan manusa jeung nagara bisa ditingali dina paribasa:

1. Kudu nyanghulu ka hukum, nunjang ka nagara, mupakat ka balarea (kudu manut ka hukum, nagara, jeung tumut kana katangtuan musyawarah mufakat)

2. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok. Hartina kudu kompak babarengan nyanghareupan jeung ngarengsekeun masalah.

3. Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraje. Hartina naon wae nu dilakukeun kudu asak tinimbangan dipikir dibolak-balik, dibeweung diutahkeun.

Masih tinu tulisan Iyep, sababaraha ajѐn demokrasi dumasar kana budaya/paribasa Sunda, nyaeta;

1. Ngeduk cikur kedah mitutur, nyokel jahe kedah micarek (ulah korupsi, maling, nyuap; mun rek nyokot naon wae kude mѐnta ijin);

2. Sacangreud pageuh sagolek pangkek (tumut kana janji jeung konsisten);

3. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, ulah lali tina purwadaksina (kudu Saluyu jeung etika nu aya);

4. Nyaur kudu diukur nyabda kudu diunggang (ngucap kudu bener, jelas, ngandung makna, henteu asal ucap);

5. Kudu hade gogog hade tagog (kudu konsisten antara ucap jeung perilaku);

6. Kudu paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay panangan (Kudu babarengan ngawangun hubungan anu kuat).

Salain ti eta, prinsip kebebasan berserikat atawa berorganisasi, beroposisi nyaeta bagian tina ciri nagara hukum anu demokratis. Prinsip ieu ngalahirkeun loba pisan organisasi boh organisasi masyarakat boh organisasi politik anu hirup di Indonesia. Ayana mangrupa organisasi bisa jadi kakuatan, lamun saperti paribasa “kudu paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay panangan”. Hartina, dina hirup berorganisasi kudu silih asih, silih asuh, babaregan ngawangun hubungan anu kuat.

Dinu ngalaksanakeun prinsip demokrasi anu patali jeung budaya sunda, tangtuna waѐ loba halangan jeung harungan. Tapi masalah naon wae bisa dibereskeun ku musyawarah babarengan, hal ieu saluyu jeung paribasa “bengkung ngariung bongkok ngaronyok“. Anu hartina nyangharepan masalah kudu dibereskeun babarengan. Hal ieu saluyu jeung Pancasila sila kaopat anu jadi dasar demokrasi di nagara urang.

#Cag-Miara wibawa Ki Sunda

Bingung Ingin Kuliah yang Berkualitas? Klik aja Link di bawah ini !!!

http://pmb.fteknikuniga.ac.id

 

 

 


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *