Kuring Dimana?

Share posting

(Katineung kanggo SPGN Garut)

Male teenager Sitting alone on a bench in the park under a tree .

Ku: DASHEWA

Kuring dimana?

Ulah, ulah deuk ngukuhan inyana keur sukana

 

Kuring dimana?

Boa suda sadrah tumarima

Ngadon neuteup ka sareupna

nu salin peteng!

 

Kuring dimana?

Naha bet teu eungeuh?

Srangenge mah unggal fajar meletekeun harepan teu dipalire

Ulah deuk ngeukeuhan keukeuh!

Srangenge nikreuh ngendoran lengkah nalar, teu burung anjog ka burit

 

Kuring dimana?

Mun nepi ka tungtung magrib

cengcelengan gaplah nambahan deui sapoe na diri

 

Kuring dimana?

Anggurning surahan fajar nu ngalingsigkeun imaniah wasuh diri cikahuripan nyalangkrung dina sanubari, nu lawas ngahaja dilimpudan

 

Kuring dimana?

diusir sapajodogan!

 

(Saung Kj, 17 Januari 2024)

 

 


Share posting

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *